15 Nopémber
Pidangan
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
15 Nopémber nyaéta poé ka-319 dina sataun (ka-320 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 46 poé.
Kajadian
[édit | édit sumber]- 1532 – Dititah ku Francisco Pizarro, para pangjajah Spanyol dina pimpinan Hernando de Soto nepungan pamingpin Karajaan Inka, Atahualpa pikeun kala kahijina di saluareun Cajamarca, ngatur hiji pasamoan di balé kota dina poé isukna.
- 1533 – Francisco Pizarro nepi di Cuzco, puseur dayeuh Karajaan Inka.
- 1791 – Kampus Katolik munggaran di AS, Universitas Georgetown dibuka.
- 1806 – Ékspédisi Pike: Létnan Zebulon Pike nempo hiji puncak nu jarakna jauh nalika keur di deukeut suku pasir Kolorado di Pagunungan Rocky. (Jagana tuluy dingaranan Puncak Pike).
- 1889 – Brasil dinyatakeun républik ku Marshal Deodoro da Fonseca nalika Raja Pedro II diturunkeun dina hiji kudéta militer.
- 1920 – Pasamoan munggaran Liga Bangsa-Bangsa lumangsung di Jenewa, Swiss.
- 1926 – Jaringan radio NBC dibuka ku 24 studio.
- 1942 – Perang Dunia II: Patempuran Guadalkanal réngsé ku kameunangan mutlak Sakutu.
- 1945 – Gempungan Linggarjati, di Désa Linggarjati, Kuningan, Walanda ngaku Sumatra, Jawa jeung Madura minangka wilayah Indonésia.
- 1949 – Nathuram Godse jeung Narayan Apte diéksékusi lantaran nelasan Mahatma Gandhi.
- 1969 – Perang Dingin: kapal selam Soviét K-19 diadu jeung kapal selam Amérika USS Gato di Laut Barents.
- 1971 – Intél medalkeun mikroprosésor single-chip komersil munggaran di dunia, 4004.
- 1978 – Pasawat séwaan Douglas DC-8 murag deukeut Kolombo, Sri Langka, korban maot 183 urang.
- 1979 – Hiji pakét ti Unabomber Ted Kaczynski mimiti ngaluarkeun hasup dina jero kargo, nahan pangapungan ti Chicago ka Washington DC, maksa pasawat ngadarat darurat.
- 1983 – Républik Turki Siprus Kalér nyatakeun merdéka. Diaku ngan ku Turki wungkul.
- 1985 – Saurang asistén panaliti cidera nalika hiji pakét ti Unabomber nu ditujukeun keur saurang professor di Universitas Michigan ngabeledug.
- 1988 – Nagara Merdéka Palestina diproklamirkeun ku Déwan Nasional Palestina.
- 1988 – Labél dagang munggaran, Max Havelaar, dipedalkeun di Walanda.
- 1990 – Républik Rakyat Komunis Bulgaria dibubarkeun sarta hiji pamaréntahan républik anyar diwangun.
- 2000 – Pasawat séwaan Antonov An-24 murag sabada leupas landas ti Luanda, Angola, nelasan leuwih ti 40 jalma.
- 2003 – Poé kahiji pangeboman Istambul, dua bom mobil ngajojo dua sinagog, ngajelegur, maténi 25 jalma sarta natuan kurang leuwih 300 séjénna.
- 2006 – Al Jazeera bahasa Inggris disiarkeun ka sakuliah dunia.
- 2007 – Angin puyuh Sidr narajang Bangladesh, nelasan kira-kira 5.000 jalma sarta ngancurkeun bagéan leuweung bakau panglegana di dunia, Sundarbans.
- 2022 – Pasamoan KTT G20 di Nusa Dua Bali.
Nu babar
[édit | édit sumber]- 1887 - Hitoshi Ashida, Perdana Mentri Jepang ka-47
- 1891 – Erwin Rommel, marsekal Jérman (td. 1944)
- 1935 – Try Sutrisno, waprés Indonésia ka-6
- 1945 – Anni-Frid Lyngstad, panyanyi Swédia kalahiran Norwégia (ABBA)
- 1946 – Aburizal Bakrie, pangusaha, politisi Indonésia
- 1950 – Iie Sumirat, atlét batminton Indonésia
- 1951 – Beverly D'Angelo, artis, panyanyi jeung produser Amérika
- 1967 – Gustavo Poyet, pamaén bola Uruguay
- 1970 – Patrick M'Boma, pamaén bola Kamerun
- 1972 – Jonny Lee Miller, aktor Amérika-Inggris
- 1974 – Chad Kroeger, gitaris, vokalis Kanada (Nickleback)
- 1976 – Sule, komédian, aktor Indonésia
- 1977 – Sean Murray, aktor Amérika
- 1979 – Brett Lancaster, atlét balap sapedah Australi
- 1985 – Lily Aldridge, model Amérika
- 1991 – Shailene Woodley, artis Amérika
- 1991 – Billy Davidson, aktor Indonésia
- 1992 – Minami Minegishi, panyanyi Jepang (AKB48)
- 1993 – Paulo Dybala, pamaén bola Argéntina
Nu pupus
[édit | édit sumber]1630 – Johannes Kepler, astronom Jérman (l. 1571)
1917 – Émile Durkheim, sosiolog Perancis (l. 1858)
1949 – Narayan Apte, nu maténi Mahatma Gandhi (l. 1911)
1949 – Nathuram Godse, nu maténi Mahatma Gandhi (l. 1910)
Poé peré/ poé panginget-nginget
[édit | édit sumber]Tumbu luar
[édit | édit sumber]Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |