Mantra
Mantra nyaéta rakitan basa anu mibanda unsur-unsur puisi saperti purwakanti jeung wirahma, anu dianggap mibanda kakuatan gaib. Mantra jelas lain kecap nu asalna tina basa Sunda. Mantra asalna tina kecap basa Sanskerta. Mantra asalna tina tradisi Hindu kuna. Mantra diwangun ku kekecapan nu ngandung wirahma, jelas patokanana, puguh itungan engangna, tungtung kalimah ngalagena.[1]
Awalna mantra dijieun ku para pandita. Kalimah nu diwangun mangrupa getering rasa paménta manusa ka sang Murbawisésa. Mantra awalna aya dina kitab Sutra para pandita.
Di tanah Pasundan, mantra ngajirim jadi rajah, jampé jeung jangjawokan.
Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditangkep maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun komara pribadi.
Aji Mantra “Paripolah Magi”
[édit | édit sumber]Mantra téh sabenerna lain kecap pituin urang Sunda, tapi salah sahiji kecap hasil kaseundeuhan ku basa Sanskerta. Dina Kamus nu disusun ku Charles Rockwell Lanman, A Sanskrit réader. Cambridge-Massaschussettes, Harvard University Press. 1955:212, disebutkeun mantra téh nyaéta:
- Thought, esp. thought as utteredin formal address in a prayer or song of praise or in pious text;
- Usual desiganation of the hymns and texts of the Vedas,later when these Vedic texts came to be used as magic formulas, spell, charms;
- Like mantra, deliberation, plan, “magic spell”
Mantra, ceuk nu kacatet di luhur bieu téh ngandung harti “pikiran, angen-angen anu dikedalkeun dibarengan ku tujul, dina waktu keur muji, muja atawa ngadeuheusan nu disembah”, ogé ngandung harti “ajian, jampé, jimat, ajian nu magis”. Nurutkeun harti nu dikandungna éta, nya mantra téh patali jeung nu dicatet ku Joseph T. Shipley, dina Dictionary of World Literature. Littlefield, Adams & Co Patterson-New Jersey, 1962:259, nyaéta “Indian pamtomimed religious chant, probable origin or Indic Natya; the mantrapatha or prayer book contains 590 mantras for domestic rites and ceremonials”
Beuki tétéla kecap mantra henteu béda jeung harti anu kungsi dipikawanoh dina kabudayaan urang Sunda, leugeut pakait reujeung anus sok dihaleuangkeun dina puisi-puisi, pantun-pantun nu disebut “Asihan, Jangjawokan, Ajian, Singlar, Rajah, Jampé” kaasup puisi anu patali reujeung upacara, paneneda, puji anu ditujukeun ka rupa-rupa sesembahan nu ku urang disebut aji-mantra.
Dina Kamus Jonathan Rigg, A Dictionary of The Sunda Language of Java, Lange & Co, Batavia. 1862, aya katerangan yén mantra téh “incantation, charm, secret prayers, thus mantra is also a mystical verse or incantation, a formula sacred to any individual deity”. Ogé leuwih dikuatkeun hartina ku R.Satjadibrata, dina Kamus Basa Sunda, Citakan ka-2. Djakarta: Perpustakaan Perguruan Kementrian P & K. 1954 yén aji-mantra téh lain ngan saukur sarua jeung keuna nu diterangkan di luhur, ogé geus ilahar keuna jeung matuh dina kecap basa Sunda.
Malah Suhamir dina “Tjatetan Sadjarah Sunda II: Hidji Encyclopedia Sunda” Madjalah KUDJANG Tn.VI.no.288 méré katerangan anu meunang nyutat tur ditarjamahkeun tina Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian ( 1518 ) téa, nu unggelna kieu: “…hajang nyaho bab adji-adjian djeung djangdjawokan (di sakehning adji mantra), djampa-djampyan, susuratan (isim?), sasaranaan, kasarangan, pawajagahan, puspaan, susudaan, hurip-huripan, tu(n)duk ijem, pararasan (horoskop, tina Skrt. Rači=zodiac>), pasakwan? Tanyakeun ka Sang Brahmana.
Hartina sakehning cutatan ogé puisi-puisi kaasup aji-mantra kayaning Asihan, Jangjawokan, Ajian, Rajah, Jampé téh sok di”kum”keun ku hiji istilah nyaéta aji-mantra. Anu osok diucapkeun lisan baé, diapalkeun, diajarkeunana nurutkeun warisan nu diturunkeun “leluri” sabab aji-mantra téh sipatna rusiah jadi kudu diapalkeun tur ditengetkeun. Ku kituna aji-mantra téh kaasup sastra milik balaréa anu disebut Tradisi Lisan téa, geus awor jeung masarakat pendukung Budayana. Malah mah Bujangga anu kasebut “leuit” Tradisi Lisan ogé geus teu apaleun deui yén maranéhna anu ngahasilkeun seni sastra éta. Keur umumna masarakat “tradisional” ogé keur urang Sunda aji-mantra téh mibanda sipat magis anu kentel. Lain baé ku mangsa harita (baheula) ogé ku jaman kiwari masih kénéh aya nu miboga anggepan cara kitu, ku sabab aji-mantra téh biasana diwaris satutur sarundayanana. Ari nu disebut “magi” nyaéta pamaké manusa pikeun ngahontal paneja ku cara-cara istiméwa, duméh ku cara biasa mah moal mateuk. Sacara téori “magi” téh sarupaning tarékah keur ngajawab masalah kahirupan anu aya di luareun wates kamampuhan akal manusia, utamana masalah-masalah anu dianggap gaib (Koentjaraningrat,métodeuAntropologi, Penerbitan Universitas Indonésia, Djakarta: 1958: 184-187).
Numutkeun P.J.Bouman (terjemahan Sugito-Sujitno), Sosiologi: Pengertian dan Masalah-Masalah, Jajasan Pendidikan Masjarakat. Djakarta l957: 132, nerangkeun aji-mantra nyaéta paripolah ‘magi” anu maksudna pikeun ngahontal pasejaan nu ceuk pangrasa manusa aya di alam supernatural. ku sabab alam Supernatural téh digeugeuh ku kakuatan sakti, paripolah “magi” téh dasar-dasarna mah mangrupa “usaha pikeun murba jeung ngagunakeun éta kakuatan sakti téa, ogé pikeun miceun rereged dina jiwa manusa, anu asalna tina kahayang kaleuleuwihi. Kukiktuna paripolah “magi” téh teu bisa dibéré alesan anu logis sabab dadasarna aya jeung gumantung dina kapercayaan anu disebut sistem réligi téa.
Salah saurang ahli réligi E.B.Taylor nétélakeun aji-mantra téh nu ngandung “magi” dadasar napakna dina kapercayaan anu kasebut sistem réligi, anu intina kasadaran manusa kana ayana jiwa. Yén obahna alam téh aya jiwa nu ngalantarankeun disatukangeun kajadian-kajadian di jagat ieu: walungan ngocor, gunung bitu, lini ginggeung, angin lilimbungan, srangéngé nu nyaangan ogé ngobahkeun tilu waktu di dunya (isuk – beurang – peuting) nepi ka tutuwuhan harirup. Jiwa alam téh tuluy dipijalma (personifikasi) dipercaya mibanda kahayang jeung pikiran nyaéta nu satuluyna disebut déwa-déwa alam. Déwa-déwa nu disambat dina ajimantra nginjeum tina basa Sanskerta keur nyebut ‘dzat” lemes anu méré kakuatan jeung bisa ngobahkeun anu ngabadan dina badan manusa, sasatoan, tutuwuhan jeung sarupaning banda-banda lianna.
Nurutkeun Claude Levi-Strauss (ditarjamahkeun ku Hedy Ashri Ahimsa-Putra, Strukturalisme Levi-strauss; Mitos dan Karya Sastra, diterbitkan atas Kerjasama Yayasan Adikarya IKAPI dan The Ford Foundation, 2001 Cetakan pertama). Kapercayaan ayana “dzat” lemes anu diistilahkeun “déwa-déwa” téa nétélakeun yén sacara “nirsadar” dina pikiran manusa sanajan dina enyana kasebut ti mangsa awal “anu sok disebut primitif atawa cenah méntalitet primitive” padahal mah teu kitu. Anu sabenerna mah aya akta-akta katut prosés-prosésna anu pohara bédana jeung akta-akta katut prosés-prosés nu aya dina alam pikiran manuna dina mangsa mikir sacara ilmiah. Jadi anu kasebut “mentalitet primitive” mun dipulangkeun deui kana ugerna sabenerna mah “kaistiméwaan” manusa anu motékar tina mangsa alam primitif nepi ka ayeuna.
Ajimantra di Urang Sunda
[édit | édit sumber]Salah sahiji ajimantra ogé diwanohan dina kasadaran (budaya) Sunda anu tembong pisan dina istilah ogé babasan sapopoe jeung tali parantina “lelembutan, pangacian, nyawa, ngabaju, sukma” ku ayana kayakinan “nyawa anu tara pisah tina badan satungtung hirup di dunya kénéh mah, pisan-pisah soteh di mana manusa paeh”; ayana kayakinan jeung kapercayaan yén nu disebut “lelembutan dina keur hirup kénéh bisa pisah ninggalkeun raga, nyaéta dina waktu sare. Papanggihan lelembutan salila kumalayang the aya nu disebut impian. Pangacian mah ku reuwas apan osok kabur, ku sieun nya kitu kénéh; ogé Sukma téh bisa nyurup atawa nitis ogé bisa ditepungan.
Nu disebut tali paranti nyaéta upacara, rupa-rupa pantrangan jeung kapamalian. Pantrangan téh aya nu kasebut pantrangan laku, pantrang barang, pantrang tempat jeung lian-liana. Ngajauhan pantrangan téh pikeun ngajaga anu maksudna taya lian ngajauhan balai anu teu bisa ditulak ke daya upaya biasa, anu datangna boh ti nu kaciri (bungkeuleuk ngabelegedég), boh ti lelembut. Nya ngajauhan patrangan téh ku ngayakeun upacara (salametan). Bisa disebutkeun yén upacara, pantangan jeung pamali téh ngadahup jeung ajimantra dina paripolah ritus upacara. Anu disartaan ku rajah, tumbal, kias, ruwat, siglar, parepeh téa kaasup paripolah magis.
Ajimantra antawa mantra-mantra Sunda nyaéta kayaning asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah, jampe, pamake anu dipakéna teu sagawayah, hungkal ngan dina paripolah magi bae, nyaéta di mana rek ngahontal pasejaan anu ceuk pangrasa manusa aya di alam gaib. Ajimantra téh dipapatkeunana kalayan tujuan pikeun murba jeung ngagunakeun kakuatan sakti anu ngageugeuh alam gaib téa, mangka kekecapan nu diucapkeun téh ngandung kakuatan magis.
Ajimantra digunakeun pikeun:
- komunikasi jeung sukma
- pinunjul lan rahayu – salamet
- pada mikaasih ku sasama
- saliring laku lampah, pinareng jeung hasil: dina leumpang, nyeupah, midang, nganjang, masamoan, nguseup, tatanen jrrd.
Jeung nu pangréana tumali kana laku tatanen: nyacar, ngaduruk, macul, ngaseuk, tebar, tandur, pae lilir, pare mapak daun, nyawer, dibuat, mupul eundan, ngageugeus, ngakut, ngukusan pare, unggah ka leuit, muka panto leuit, ngelep pare, nyokot pate tina leuit, nutup pare tina leuit.
- nu maot sampurna
- bédas, tohaga jeung awet ngora
- rahayu lembur, rajakaya (pepelakan jeung ingon2)
- lian ti éta aya ogé paranti mergasa nu lian, sangkan paeh atawa gering. Utawa parabot neluh the aya antarana puputrian tina lamak, endog kacingcalang, rarwen, merang awi, harupat, hinis awi tali, jarum. Mantra paneluhan the dipapatkeunana di jarian wanci sareupna. Jalma nu rek dipiteluh téh disambat ngaranna, lemburna jst.
- ngariksa kebon, pepelakan, pare, atut diri sangkan hanteu diganggu ku sasaton, sato leuweung, hujan angin, subaya ti nu lian, guludug, hama tur angin
- nyinglar jurig, kultianak, lelembut2 anu sok jail tur ngaganggu
- nyieun babakan, nyicingan tempat,
- naklukeun siluman sileman
- nulak gawe nu jail kaniaya
- ngaruat
- Caah, hujan
- pamunah impian goreng
- ngajampe nu gering wales tur nyageurkeun panyakit
- ngajampe nu kacilakaan
Ngan mantra-mantra Sunda mah saeutik pisan anu sipatna magi hideung (black magic) anu tujuanana “nyilakakeun, atawa deleka” tapi sipatna leuwih kanu sipatna mantra bodas, anu tujuanana pikeun karahayuan pikeun nyageurkeun , pikeun kapunjulan, jeung pikeun dipikaasih. ogé mahluk-mahluk lemes anu disambat the reréana mahluk lemes anu hadé anu gegedéna asli pribumi, tapi aya ogé sa-eutik anu kaseundeuhan ku Islam tapi ukur dina kecap-kecapna bae.
(jampe = Sunda Jampi =Indonésia)
Conto mantra
[édit | édit sumber]Ieu di handap sababaraha conto mantra, di antarana:[2]
Jampé ngarah calakan
[édit | édit sumber]Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paninggal pinuh ninditu ka awaking
(tina buku Jangjawokan, Disparbud Jabar)
Jampé budak harééng
[édit | édit sumber]Jampé-jampé kararas
Geura gedé geura waras
Hirup ka gustina
Waras ku Allahna
Rep sirep
Tiis peuting
Gena ti beurang
Jampé néangan rejeki
[édit | édit sumber]Brul kebul ngajadi
Nu nyangkérok di balong
Nu ngagéboy di ulekan
Sang Ratu émut putih
Mangka kumpul sing ngajadi bibit
Kun fayakun
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Rujukan
[édit | édit sumber]- Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
- Richadiana Kartakusumah, makalah, 2008
dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.
- ↑ Tatang Sumarrsono, Dkk (2014). Pamekar Diajar Basa Sunda. Jawa Barat: Dinas Pendidikan provinsi Jawa Barat. pp. 39–41. ISBN 9786021300138.