Lompat ke isi

Yodium

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Yodium

Yodium, Iodin atawa Iodium nyaéta unsur kimia dina tabél périodik anu miboga simbul I jeung nomor atom 53.[1] Yodium biasa kajadianna di alam téh ngan saukur minangka yodat jeung yodida atawa kombinasi duanana.[2] Unsur yodium di jero kerak marcapada, di antarana nyaéta lautarit (IO3)2 atawa kalsium yodat, jeung dietzet (Ca (IO3)2 (CrO4) atawa kalsium yodat kromat.[2] Ayana yodium di Indonésia teu jauh béda jeung kondisi kagéologianna jeung ayana cai jeung minyak marcapada, nyaéta mangrupa cai konat atawa cai purba anu ngandung yodium jeung rupa-rupa variasi dina hiji dedek perméabel anu kahalangan bagéan luhur jeung handapna ku lapisan imperméabel.[2] Siga halna di Watudakon, Jawa Wétan, reservoar anu ngandung yodium kakurung dina hiji Antiklin Pucangan, Tempuran, jeung Antiklin Sagunung.[2]

Mineral anu ngandung yodium ieu sifatna lemes, jeung ngagurilap kawas kaca, warnana abu-abu semu hideung ngandung unsur non-logam, beurat jenis kira-kira 4,9.[2] Dina industri farmasi, yodium dimangpaatkeun minangka bahan baku utama pikeun tingtur (larutan ubar dina alkohol), kaséhatan (sanitary), industri désinféktan, jeung hérbisida.[2] Yodium dipaké dina uyah rahayat pikeun ngaronjatkeun kualitas uyah éta sangkan layak jeung séhat dikonsumsina.[2] Poténsi yodium di Indonésia dumasar Tushadi Madiadipoera sumebar di sawatara lokasi ku cadangan anu umumna masih sumberdaya.[2] Kandunganna kira-kira ti nu pangleutikna nepi ka 182 mg/lt.[rujukan?] Di sawatara tempat, bijil minangka cai lolosan (seepage) ku debit 0,5 – 170 m3/poé.[2] Lokasi cadangan yodium anu geus diéksploitasi nyaéta di Watokadon, Mojokerto, Jawa Wétan nu kapasitasna 400 - 600 kl/cai asin/poé jeung mutuna kurang leuwih 112 – 182 mg/lt.[2] Yodium di daérah ieu nyangkaruk dina Formasi Kalibeng umur Miosen.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/2/2016. 
  2. a b c d e f g h i j k "YODIUM". Data Pertambangan Mineral dan Batubara. Diakses tanggal 3/2/2016.  Archived 2015-09-17 di Wayback Machine